Nu Kedul Jeung Sok Ngalawan Ka Kolot
Panyawang: Farhan Maulana Herpiandi
Judul Novel : Babalik Pikir. Pangarang : Samsoedi. Kandelna : 72 Halaman. Panerbit : PT. Kiblat Buku Utama, Kota Bandung, Jawa Barat. Citakan : Kadua. Taun Terbit : 2002. Kategori : Fiksi Sunda.
Novel ieu nyaritakeun hiji budak anu kacida kedulna osok ngalawan wae ka kolotna nyaeta nu ngaranna si Emed.
Si Emed gawena sapoe-sapoe teh taya deui ngan aber-aberan ulin, indit isuk-isuk, datang pasosore, tempo asak sangu. Si Emed eta dititah ngalakonan hal leutik wae tara baleg.
Hiji mangsa si Emed asup ka pangbuian. Di pangbuian eta si Emed menang rupa-rupa pangajaran kuli, tapi si Emed pangresepna kana manday beusi.
Gancang carita si Emed balik ka lembur anu geus lila ditinggalkeun pikeun papanggih jeung indungna, ngan ayeuna mah sifatna anu geus robah.
Novel ieu cocok keur saha wae, boh barudak sakola SD SMP boh rumaja SMA atawa nu geus darewasa. Tapi hususna keur budak nu miboga watak ciga Si Emed (kedul atawa bengal). Iwal ti eta bahasa jeung caritana disusun sangkan babari dipikaharti ku nu maca.
Galur caritana oge loba pesan moral nu bisa dijadikeun pangeunteungan. Salian ti eta eusina ngagunakeun kata-kata kasar atawa loma teu cocok pikeun dijadikeun conto.*
* Farhan Maulana Herpiandi, mikaresep bahasa budaya jeung sastra Sunda, mahasiswa Prodi Bimbingan dan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN UIN Sunan Gunung Djati Bandung.





