Ego Is Enemy: Ngarasa Aing Uyah Kidul
Ku: Ridhazia EGO téh diperlukeun supaya percaya kana diri jeung ngawangun kayakinan kana kamampuh sorangan. Tapi ulah jadi egois! Ieu nu disebut ku ungkara "ego is enemy" nyaéta sipat anu kacida mementingkeun diri sorangan. Karasa leuwih ti batur nu matak jadi arogan nepi ka teu ngahargaan ka batur. Ceuk paribasa Sunda mah, asa aing uyah kidul, asa aing pengjagona, pangpinterna, pangbeungharna, pangkawasana. Egois lain Percaya Diri Egois mah lain tandana percaya diri. Lamun dibiarkeun, bisa jadi ancaman keur diri sorangan nu sok teu karasa. Salah sahijina, manéhna jadi hésé narima...