Kolom Sosial Politik

Ego Is Enemy: Ngarasa Aing Uyah Kidul

285views

Ku: Ridhazia

EGO  téh diperlukeun supaya percaya kana diri jeung ngawangun kayakinan kana kamampuh sorangan. Tapi ulah jadi egois!

Ieu nu disebut ku ungkara “ego is enemy” nyaéta sipat anu kacida mementingkeun diri sorangan. Karasa leuwih ti batur nu matak jadi arogan nepi ka teu ngahargaan ka batur. Ceuk paribasa Sunda mah, asa aing uyah kidul, asa aing pengjagona, pangpinterna, pangbeungharna, pangkawasana.

Egois lain Percaya Diri

Egois mah lain tandana percaya diri. Lamun dibiarkeun, bisa jadi ancaman keur diri sorangan nu sok teu karasa.

Salah sahijina, manéhna jadi hésé narima kritik atawa masukan ti batur sabab sok ngarasa bener sorangan.

Handap Asor

Solusi pikeun ngungkulan egoisme téh nya éta ku diajar terus-menerus jeung evaluasi diri anu teu eureun-eureun, utamana ngeunaan handap asor.

Handap asor téh mangrupa hiji sikap teu sombong atawa teu gumede pikeun nyadar kana kawatesan jeung kakurangan diri.

Sagalana ogé kudu diawalan ku ngahargaan batur, sangkan ulah karasa leuwih ti sasama. Ulah ngahijikeun cita-cita mulya jeung ambisi pribadi anu bisa ngabutakan haté. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten  psikologi jeung komuniaksi soail pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

Leave a Response