RESENSI BUKU

Matak Nyeri Dina Ati, Ulah Mawa Karep Sorangan

746views

 

 

Panyaewang: Nazwa Putri Pamungkas

Judul  novel: Manehna. Pangarang : Syarif Amin. Pamedal : PT. Buku Kiblat Utama Kota Bandung Jawa Barat. Taun medal : Citakan ka-3, Maret 2020. Kandel Buku : 63 kaca. Harga : Rp 25.000. 

Novel ieu nyaritakeun hiji jajaka nyaeta “kuring” jeung hiji wanoja nyaeta “manehna” nu miboga rasa cinta anu sarua badagna. Tapi manehna teu wasa nuturkeun pangjurung kalbuna lantaran katalian ku kolotna. Antukna kapaksa papisah jeung jajaka anu dipikacintana nyaeta “kuring”.

Sanggeus kitu lila pisan kuring jeung  manehna teu papanggih. Dina hiji mangsa manehna mere surat ngaliwatan Mang Wira, yen  manehna  aya di imah  lanceukna. Pedah manehna nyarita kakolotna rek diubar terus ka imah lanceukna padahal bari papanggih jeung kuring. Tidinya bisa papanggih deui.

Sanggeus kitu  kuring  ngajugjug ka tempat di mana wae pernah paduduaan jeung nginget-nginget dina mangsa lawas waktu paduduaan. Sagalana ge teu aya nu robah, jukut kitu keneh, tangkal eta keneh, cukang jeung susukan gawir jeung gelewer eta-eta keneh, ngan nu robah nyaeta  manehna teu aya di dinya. Kuring  ngarasa aya nu leungit sidik si mojang geus aya nu ngiwat. Tapi, leungit téh ragana, da ari lelembutanana mah anteng manteng dina geter angen.

Basa anu digunakeun dina caritaan novel Manehna ieu nyaeta ngagunakeun basa loma atawa bahasa anu dipake sapopoe.

Onjoyna buku ieu nyaeta nuduhkeun loba papatah moral ngeunaan harti narimakeun takdir. Buku ieu oge ngajarkeun urang sangkan tabah nyanghareupan dina saban cocoba.

Kahengkeran buku ieu nyaeta alur caritana rada pabaliut jadi macana kudu sababaraha kali, sarta dina nyebutkeun ngaran tokoh kuring eung  manehna ngarasa kagok nalika macana.

Buku ieu oge miboga amanat anu ngajarkeun urang cara ngajenan kaputusan kolot ulah ku cara  mawa karep sorangan.  Oge, kudu bisa ikhlas ngalepaskeun naon nu lain jadi takdir urang. *

* Nazwa Putri Pamungkas, mahasiswa Prodi Bimbingan dan Konseling (KI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, nganjrek  di Cileunyi, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

 

Leave a Response