Panyawang: Nurul Hidriyani Mahendra Firdaus
Judul novel : Dirawu Kelong. Pangarang : Ahmad Bakri. Tema: Pendidikan, pangajaran. Wedalan : PT. Kilat Buku Utama, Kota Bandung, Jawa Barat. Taun medal: 2013. Citakan : Citakan III, Dzulqa’dah 1440 H/Juli 2019. Kandel: 68 halaman.
Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kelong (kumpulan caritakahirupan sapopoe Jang Udin, anak jurutulis desa jeung babaturanana), Ahmad Bakri mere atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hade tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana.
Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. Ieu buku lain bae hade dibaca ku barudak, tapi oge ku kolot anu boga budak nu masih keneh sakola di SD, jeung ku para guru deuih.
Kaunggulan novel Sunda itu nyaeta caritana teh henteu pabaliut, cocok jang barudak. Nyaritakeun sapopoe batur nu biasa atawa pernagalaman jadi apal rasana kumaha. Loba reumbeuy ku atikan ngeunaan kahirupan utamana mah di tatar Sunda. Kalangan mana wae bisa baca ieu buku (umum). Loba amanat nu bisa diterapkeun jeung jadi pangajaran nu alus tur ngadidik.
Saalus-alus na buku, pasti aya wae kahengkeran. Basa anu dipaké rada kasar, contona pamakéan kecap “sia” jeung “aing”. Aya ogé istilah asing anu tiasa ngabingungkeun pikeun anu maca. Variasi gaya basa tiasa ditingkatkeun supados narasi langkung sae.
Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kelong Ahmad Bakri mere atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hade tur akur jeung babaturanana, tong bolos sakola sampe ngabohong, kudu ngajaga kabersihan, tong asal meser jajanan, kudu pilih-pilih mana nu nyehatkeun jeung mana nu kalah ngayeurikeun, jeung sajabana.
Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapi dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. *
* Nurul Hidriyani Mahendra Firdaus, mahasiswa peserta mata kuliah Bahasa dan Budaya Sunda pada Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Sunan Gunung Djati Bandung (UIN), bermukim di Kabupaten Cianjur, Jawa Barat.





