Panyawang: Hilda Aulia
Judul novel Sunda :Pipisahan. Pangarang :Rahmatullah Ading Affandie. Penerbit :Kiblat Buku Utama, Kota Bandung, Jawa Barat. Taun terbt: 2012. Kandel: 110 kaca, 66 halaman.
Novel Pipisahan mangrupakeun karya anu ngagambarkeun tema perpisahan sareng kahirupan manusa. Carita ieu nyaritakeun perjalanan emosional karakter anu ngalaman leungiteun duriat, sareng kumaha maranehna nyingray nyingkahkeun sagala rupa rereged hirupna dina laki rabu. Novel ieu ngagambarkeun budaya Sunda kalayan jéntré, ngagugah rasa nostalgia jeung kearifan lokal.
Novel Pipisahan ogé nembrajkeun gambaran anu jelas ngeunaan interaksi sosial dina masarakat Sunda. Ku cara ngagambarkeun hubungan antara kulawarga, sahabat, katut kaasih (cinta), novel ieu oge nunjukeun horeng pipisahan teh buisa mangaruhan kahirupan urang sapope.
Dina novel Pipisahan, aya sababaraha hal anu bisa dipetik ku nu maca, utamana tina segi kahirupan, budaya, jeung hubungan antar-manusa. Ieu di handap sababaraha hal anu bisa dipetik. Upamana ngajarkeun pentingna sabar dina nyanghareupan kasusah, kasedih, sarta pipisahan.
Lian ti eta, aya aya unsur narima kana kahayang Gusti. Sanajan sagalana henteu sok saluyu jeung kahayang, tokoh-tokohna kudu narima kanyataan sok sakumaha peurihna oge.
Tokoh-tokoh dina novel ieu ngajarkeun pentingna ngajaga harga diri jeung kahormatan pribadi. Narima jeung ihlas kana kanyataan hirup, teu kabeh bisa bisa kahontal sakumaha anu dipikahayang.
Novlel itu oge méré conto kumaha pentingna silih hargaan jeung silih pikanyaah dina kahirupan sapope, boh kulawarga, rerencangan, atanapi pasangan.*
* Hilda Aulia, peserta mata kuliah Bahasa dan Budaya Sunda pada Prodi Bimbingan dan K0nseling Islam (BKI) Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, Jawa Barat.





