
Ku: Ridhazia
DUNYA anyar geus dimimitian. Pikeun munggaran, robot calakan diangkat jadi menteri. Nembongan sampurna kalayan beungeut pameunteu anu terus marahmay. Teu katingal kawas nu cape.
Menteri anu asalna lain ti kalangan manusa, tapi robot kalayan kacerdasan AI (Artificial Intelligence) ieu digagas ku hiji nagara di Éropa Tenggara, Albania.
Ngaran-na Diella.
Robot anu dingaranan Diella bakal hadir dina rapat kabinet saperti menteri séjén. Ngagem pakean tradisional Albania, éta robot calakan ditugaskeun pikeun ngurus nagara supaya tahan kana suap jeung korupsi.
Kecap Diella anu hartina “Panonpoé” ditugaskeun pikeun ngurus program pangadaan publik minangka asistén virtual dumasar AI dina platform e-Albania.
Platform ieu ngabantu para pangusaha jeung warga nagara Albania pikeun ngurus dokumén nagara anu salila ieu rawan ku praktek korupsi.
Diella sacara profésional bakal mere bantuan ngaliwatan parentah sora jeung ngaluarkeun dokumén kalayan cap éléktronik, sangkan leuwih gancang tur luyu tanpa ngurangan birokrasi anu ngahalangan. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.